Senin, 06 Oktober 2014

Filled Under: , ,

Papandayan Matak Kameumeut


Saha nu teu acan pernah ka Papandayan cungg…?. Ah, pokonamah urang Garut hususna nu teu acan pernah ka Papandayan asa lebarr piasan kitu. Naha cik, sabab Papandayana teh meni endah pisannn, hiliwir bau walirang ti kawahna matak nyeleket kanu pangambung teh. Hawar-hawar udara na matak raoseun. Mapay-mapay jalan satapak ti kawah Papandayan ngajugjung ka Pondok Saladah (tempat pikeun  kemping/kemah) teh sapapanjang  jalan nu aya ngan ukur endahna alam Papandayan. Sesa-sesa bitu Papandayan masih keneh aya. Sabab Papandayan teh mangrupakeun gunung api pang aktipna sa-tatar Garut.
Bras ka Pondok Saladah tong waka reuwas da muhun eta teh tempat pikeun kemping nu enyana mah eta teh loba pisan dikuriling ku tangkal kembang Edelwiss. Tuh, pan Papandayan mah matak kameumeut pisan. Ieu kembang Edelwiss teh salah sahji Flora asli nu aya di Papandayan. Kaleumm, Edelwiss na henteu ukur nepi di Pondok Saladah. Lamun rengse kemping atanapi bade di lajengkeun ka Tegal Alun ti Pondok Saldah teh ukur neukteruk mapay jalan satapak gugurusukan di leuweung nu engkena nepi di Tegal Alun, teu pati jauh ngan ukur 45 menitan. Tah di Tegal Alun teh mangrupakeun Taman Kembang Edelwiss salah sahiji nu paling Endah di dunia ceuk Bahasa mah “Taman Edelwiss salah satu ter-Indah di Dunia”.
Di Tegal Alun biasana dipake pikeun potret gagayaan atawa ukur ngareureues eta kembang Edelwiss teh. Teu dipernahkeun pikeun kemping/kemah, tapi geningan sok aya we nu mahiwal mah. Satangtung urang teh ngan ukur kembang Edelweiss we di Tegal Alun ngamplang waas. Mupuas di Tegal Alun sareng kembang Edelweiss na urang tiasa di lajengkeun deui ka hiji tempat anu aheng tapi romantis jeung matak reueus. Tah ieu patempatan teh ngarana “Hutan Mati”, leres ieu hutan teh geus paeh. Ari nu paeh teh tatangkalana ukur nyesakeun batangna hungkul nu renghek ka hebos ku magma ataw lebu basa Papandayan bitu harita. Di Hutan Mati mah henteu hejo siga di Tegal Alun, taneuh na ge masih keneh lebu kebul sakapeung mah sok bau walirang.
Ti Hutan Mati urang bisa ningali loangna kawah Papandayan tapi mang kade teu kenging ngalangkungan wates nu geus aya. Henteu lengkap upami ka gunung teu acan nincak punclutna. Lamun urang geus napak di punclut Papandayan urang bakal disajenan ku endahna alam Tatar Garut ngemplang ngawang-ngawang. Sakuriling nu katingali teh Kota Garut nu endah dikuriling ku gunung. Komo deui upami urang bade ningali ‘Sunrise’ atuh ceuk basa urang mah Wanci Meletek panon poe. Dina wanci ieu teh loba bisan jalmi nu pada ngadeugdeug moro ningali meletekna panon poe di belah wetan Garut. Papandayan teh salah sahiji tempat nu endah di Garut, matak Papandayan mah sok katingali Ngagupayan wae ti kota Garut. Luhurna punclut Gunung Papandayan teh aya kana 2.665 mdpl.

Nu dipikalebar ti Papandayan teh nya eta inprastruktur atawa akses jalanna nu teu merenah pisan ti lebah kampung lemahneundeut, Cisurupan nepi ka gerbang wisata Papandayan. Teu kedah disebatkeun nu paribasana mah upami usum hujan bisa keur melak lauk eta jalan teh. Mudah-mudahan Pamarentah Garut hususna tiasa merhatoskeun ieu kaayaan teh. Isin pisan da seueur para wisatawan mancanagara nu ka dieu. Piraku Garut nu Endah kieu teh henteu diperhatoskeun, kumaha upami ka Endahan alamna direbut ku batur. Ahhh palias teuing… dinu seratan di Papandayan mah kieu ” Sauyunan Ngarumat Lembur”. #KuringNyaahkaGarut.

0 komentar:

Posting Komentar