Selasa, 23 September 2014

Filled Under:

Basa Sunda Ulah éléh gesek


Urang Sunda bral geura hudang. Lamun nyaritakeun ngeunaan urang Sunda tangtu moal leupas tina  salah sahiji unsur budayana nyaéta basa Sunda. Naon cenah pangna bet basa Sunda. Sabab kiwari basa Sunda téh geus dipikahariwang bakal musna ku para inohong Ki Sunda. Hal éta dikaitkeun jeung kaayaan dina jaman globalisasi ayeuna. Ieu jaman globalisasi téh ngabalukarkeun budaya lokal geus loba pagilinggisikna jeung budaya deungeun nu datangna mahabu. Ogé basa Sunda sabagé basa indung penting pisan sabab mangrupakeun bénténg budaya lokal nu mampuh ngarekam unsur-unsur séjéna.  Hanjakal hususna masarakat Sunda nu moderen leuwih niténan basa asing tibatan niténan basa Sunda sorangan. Nu ceuk anggapana mah basa Sunda téh kuno jeung kohot. Padahal cik kumaha lamun dina hiji waktu basa sunda téh direbut ku batur? naha urang rek cul kitu baé.
Urang salaku urang sunda kudu boga rasa sukur jeung bagja sabab urang dipaprin basa nu sakitu luhur nilaina. Dina paribasa Sunda ogé disebutkeun yén basa téh ciciren bangsa, lamun leungit basana, leungit oge bangsana. Tuh, pan geus eces jeung jéntré kitu éta paribasa teh. Saumpamana basa Sunda leungit tangtu urang Sunda ge bakal leungit. Sabab rek disebut urang Sunda kumaha ari basa nu dipake lain basa sunda.

Basa Sunda oge boga peranan janten salah sahiji budaya Indonesia nu kawentar di nagari batur. Budaya nu dipilikan ku Indonesianagari urang. Sabab éta urang kudu ngalestarikeun bahasa Sunda. Sangkan teu di parebutkeun ku nagara lian nu mikahayang bahasa Sunda. Ngalestarikeun teh umpamana ngagunakeun bahasa Sunda di kahirupan sapopoé. Urang ogé kudu diajar nulis karangan ku basa Sunda.Nu ceuk pamanggih Profesor Mikihiro ti Jepang, basa Sunda ngurangan téh sabab ayana globalisasi internet. Intina Basa Sunda ulah éléh ku ayana globalisasi, ulah rék ngantep diri masrahkeun satemenna ka globalisasi.

Kamajuan teknologi nu aya kudu bisa di mangpaatkeun sahadé-hadéna hususna dina ngagunakeun basa Sunda. Saumpamana urang bisa ngagunakeun basa Sunda di internet boh dina jejaring social (twitter, feacebook, path, jsb), blogger, atanapi porum-porum nu sejen. Pangna kitu deui dina ngagunakeun basa Sunda téh kudu hadé basa, sabab pan Basa Sunda ngabogaan undak usuk basa, nyaéta tingkatan tina babasaan. Ka jalama nu langkung luhur ti urang ngagunakeun basa lemes. Tiasa oge upami saentragan mah ngagunakeun basa loma. Najan kitu urang ulah kagok, najan di Tatar Sunda the aya sababaraha logat/dialek Basa Sunda. Numana bae logatna da sami keneh Basa Sunda. Saperti kieu paribasana mah:
Reueusna dialék basa Sunda wewengkon; #Banten anu teugeug, #Pakuan anu heuras, #Priangananu halimpu, #Pakidulan anu ngaleu… #BasaIndung -@NonomanSunda-
Sabab kitu prak ti ayeuna urang ulah rerengkogan deui ngagunakeun basa Sunda utamina dina kahirupan sapopoé atawa di dunia maya. Kudu bangga jeung yakin Basa Sunda teh ajeg panceg.  Sabab sakali Sunda tetep Sunda. Sunda nu geus ngancik na diri nyukma na raga. Sunda nu salawasna.

urang+sunda

0 komentar:

Posting Komentar