Minggu, 23 November 2014

,

Nyaneut di Palabuhan Bulan

GaroetMooi-


Dina raraga ngamumule jeung ngajunjung budaya Sunda. Garoet Mooi baris digelar deui dina ping 29 Oktober 2014. Ieu acara teh midangkeun rupa-rupa kasenian jeung kabudayaan Sunda ti isuk-isuk nepi ka wanci tengah peuting. Dibuka ku upacara Kawin Cai tug ditutup ku pagelaran Wayang Golek dina peutingna. Lian ti eta oge aya kasenian Karinding, Kacapi Lawak, Kaulinan Barudak, Musikalisasi Puisi jeung rea-rea deui. Garoet Mooi ayeuna digelar pas dina poe #ReboNyunda. Di wewengkon Garut hususna poe Rebo geus diprogramkeun ku pamarentah jadi poe Nyunda. Kangge pameget ngangge iket jeung mangsi. Ari istrimah ngangge kabaya sareng sinjangna. Sarta kudu ngamumule Basa jeung Budaya Sunda nu utamina mah. Pon kitu deui dina Garoet Mooi ieu.
Pangna disebut Garoet Mooi teh hartina Garut nu Endah. Ieu landian teh teu sambarangan sabab Garoet Mooi teh jujuluk ka Garut ti jaman Hindia Walanda sabab ka taji jeung kaheman ku endahna alam Garut. Pagelaran Garoet Mooi ayeuna nyandak tema: "Nyaneut di Palabuhan Bulan". Ari Nyaneut teh hiji tradisi nginum enteh masarakat urang Sunda.
Lamun bangsa di Jepang, Korea, sarta Cina, enteh disajenkeun dina hiji upacara anu katingali sakral sarta seurieus, disajikeun dina poci sarta taneuh liat. Atawa di Eropa, enteh disajenkeun reujeung kue-kue amis dina pasosore. Sarua saperti di Eropa, warga Timur Tengah sarta Afrika oge nginum enteh babarengan kulawarga atanapi dulur sarta babaturan dina pasosore atanapi peuting, jadi obat cape sarta idangan pikeun santey. Tah masarakat Sunda oge aya nu disebutna Nyaneut. Hususna warga di handapeun suku Gunung Cikuray Garut.  Miboga kabiasaan nginum enteh dina waktu peuting. Hal ieu mangrupaupaya pikeun ngahaneutkeun awakna tina katirisan.
Tradisi "Nyaneut" nyaeta nginum enteh disarengan ku kukuluban beubeutian model sampeu, hui, suuk, jeung gula beureum. Tah ieu unikna, gula beureum dipake pikeun ngaamisan enteh atanapi didahar reujeung seupan sampeu. Dina tradisi nyaneut, cai dipasak diluhur anglo, nyaeta tungku taneuh liat anu bahan bakarna mangrupa areng. Cai panas tuluy dieusikeun kana jero poci anu dijieun tina taneuh liat. Dina Nyaneut biasana make enteh asli ti Garut nyaeta teh Kejek. Ieu enteh asalna ti Cigedug Garut. Geus ti babaheula teh Kejek kasohor. Ngarana ge teh Kejek nya dijieuna pasti di Kejek atawa ditincakan ngarah leungit geutah dina daun enteh. Tuluy di sangray jeung di poe.
Nilik dina sajarah katukang Nyaneut teh dimimitian ku ilmuwan Walanda, Karel Frederik Holle anu muka perkebunan enteh di Cigedug sarta Bayongbong dina abad ka 19. Saprak kitu, wewengkon dataran luhur di Garut ieu ngahasilkeun enteh anu boga kualitas hade. Sabab di Cigedug teh tempat dimana Perkebunan enteh nu mimitan dibuka di Garut. Kukituna tradisi Nyaneut diguar deui pikeun ngagugah masarakat supaya ngamumule deui tradisi "nyaneut". Tah ayeuna pitempatanana. Tempat Nyaneut ayeuna teh digelar di Lapangan Situgede Cigedug. Beh mernahnamah di Palabuhan Bulan. Ngaran Palabuhan Bulan teh nyaeta sumber cinyusu di Situgede nu ayeuna geus saat jadi tegal atawa lapang. Ari cinyusu na mah aya keneh ngan teu pati ngaburial caina teh. Baheula mah ieu cinyusu teh jadi puseur kahirupan masarakat sabudeureuna  pikeun nyaian pakarang atawa keur kahirupan sapopoe.
ti akangagung.wordpress.com