Jumat, 27 September 2013

Filled Under:

Sampurasunn... Blogger

Sampurasun dulur…!



Kumaha damang, asa waas yeuh mun teu acan nyerat dina ieu blog. Simkuring médalkeun ieu blog mangrupakeun bentuk pikeun nyalurkeun catétan kuring ngeunaan kasunda jeung naon bae nu bisa ditulis.  Hapunten anu kasuhun, saupami aya sératan atanapi hal-hal nu séjen nu teu raos, nu nyeletit ati atawa teu kedah di aos. Mugia ieu blog tiasa janten mangpaat ririungan dina ngabagi elmu. Naun waé nu aya dina ieu kaca mangga tiasa di pasihan komentar nu sipétna ngabangun. Dulur… hayu atuh urang nonoman Sunda prak geura hudang rempug jukung sauyunan, prak geuwat gérak pikeun ngalestarikeun ieu jungjunan urang seni budaya jeung bahasa Sunda. Lian ti éta blog ieu dikhususkeun nganggé 3 basa, nu paling utami nya éta Basa Sunda, Basa Indonesia tuluy Basa Inggris. Prak dulur sadaya tiasa ngiring aub / ngarojong ngintunkeun sératana didieu. Ngeunaan naon wae nu sipatna positip tur ngawangun. Hayu geuwat… hudang geura mibandang, tandang makalangan, bajoang meunang ! caag… 

blog kuring  nu sejen : Pangirutan

0 komentar:

Posting Komentar